Wednesday, March 10, 2010

Prasasti Gegerhanjuang

Ceunah, Sajarah Sunda teh kakurangan pisan bahan, pangpangna anu mangrupa prasasti. Anehna deui, aya oge prasastina bororaah dibahas, disebut-sebut ge tara. Entong teuing nu awam kana sajarah, dalah anu aya kasebutna guru sajarah umumna mah teu tarerangeun, yen di urang aya sumber sajarah anu disebut Prasasti Gegerhanjuang.


Kalantar Geus Meh Saabad 

Prasasti Gegerhanjuang teh asalna ti lereng Gunung Galunggung, tepatnya di bukit atawa di Pasir Gegerhanjuang atawa di Kabuyutan Linggawangi (kiwari nu katelah desa Linggawangi, Kecamatan Leuwisari, Kabupaten Tasikmalaya). Ayeuna prasastina aya di Museum Pusat Jakarta dinomeran D 26. Nepi ka kiwari kakara saurang anu nyoba-nyoba maca jeung napsirkeun ieu prasasti, nyaeta K.F. Holle. Artikelna dimuat dina majalah TBG XXIV taun 1877 kaca 586-588, dijudulan “Beschreven Steen uit De Afdeeling Tasikmalaya Residentie Preanger”.
Ayeuna geus taun 1975 (red. taun waktu Alm. Kang Saleh nulis ieu sajarah). Alhasil geus saabad kurang dua taun karya Holle teh pada ngantep teu ditaruluykeun. Bisa jadi sabagian mah dilantarankeun ku mental bangsa urang anu ngarasa cukup ngandelkeun hasil panalungtikan para sarjana Walanda bae. Kituna teu bari jeung sakalian “percaya mutlakna” deuih. Nu matak sajarah kuno Jawa Barat anu masih keneh gorowong teh rea nu nganggap geus anggeus, da ditinggalkeunana ku Walanda memang dina kaayaan gorowong. Sajarah Sunda mah boroampar bisa dipapaesan cara sajarah Majapahit. Wangunannana acan bungkeuleukan sabab tihang-tihangna oge masangkeunana pasiksak keneh. Lain salah para ahli nu baheula, tapi bongan urang nu taledor, ngarasa cukup ku bahan anu can anggeus, lain digarap direngsekeun, tapi ditinggalkeun ngarah teu pusing. Karuhan nu tadina gorowong teh antukna mah jadi parongpong, sabab bahan anu can kaburu ditapelkeun lain nungtut diberesan, kalah hayoh dipiceunan. Buktina cara Prasasti Gegerhanjuang anu ku Holle teu kaburu dianggeuskeun. Aya oge anu milu memeres sabagian, tapi ngan saurang-urangna, kitu ogenan jalmana teh urg Walanda keneh anu kacida nyaaheunana kana sajarah jeung sastra Sunda, nyaeta C.M. Pleyte.

Hasil panalungtikan Holle 


Prasasti Gegerhanjuang teh eusina ngan tilu jajar. Aksara jeung basana Sunda Kuno. Aksarana jentre pisan tp hese dibacana alatan di urg mah jumlah prasasti kacida saeutikna, nepi ka hese neangan keur bandingkeuneun. Hal ieu teh diterus-terangkeun ku Holle dina karanganana. Mlh jajaran kadua mah hsl bacaanana teh heunteu ngahasilkeun hiji kalimah anu pikahartieun. Ceuk Hollena ku anjeun oge, “Dina jajaran kadua mah kuring teh hsl maca kalimah nu pikahartieun.”Traskripsi Holle ditulis dina cacarakan anyar. Mun seug diruntuykeun nurutkeun jajaranana mah kieu :

1. // ‘bah o, guna, apuy le,
2. dya? Wwang ga bu ti saka kala ru mata
3. k di yu-yu batari hyang pun

antara komentar jeung tulisan cacarakanana heunteu sarua. Bisa jd tulisan cacarakanana anu kaliru. Kabuktian anu cek Holle guna dina cacarakanana mah gunale. Anu ceuk Holle apuy dina cacarakanana mah aruy.

Hasil bacaan saheulana teh ku Holle ditapsiran:

Jajaran kahiji: Bah mangrupa singgetan tina brahma. O mawa ingetan kana ong (om), nyaeta bismillah urang Hindu. Guna (aksara / n / make titik di handap) 3, apuy 3 bisa jadi dicokot tina ajaran teologi Hindu. Maksudna triguna (n titik handap). Sateurusna, bari teu nyebutkeun heula alesanana, dina catetan handap kaca 527, Holle nyebutkeun: Harga guna nurutkeun candrasangkala lain pikeun bilangan 3, dina guna 3 apuy 3 kuring rek maca angka 1 nya jadi 1333.
Holle henteu nerangkeun, nu mana anu dimaksud ku angka 1 teh jeung ti mana jolna angka 3 nu hiji deui, sbb anu puguh aya dina salinanana mah ngan dua angka 3.
Jajaran kadua: kalawan jujur ku Holle diaku, cenah, jajaran kadua mah taya hartina, nurutkeun hsl bacaan sakamampu anjeunna.
Jajaran katilu: (Ma-ta)-k di yu-yu ku batari hyang pun dihartikeunana ku Holle “nu dieusian ku Batari”.
Tina hsl bacaan Holle, tetela eusi Prasasti Gegerhanjuang teh ukur mere gambaran anu samar2 pisan. Nya kitu deui carana Holle ngasongkeun candrasangkala 1333 sakakala teu kaharti ti mana jol na. Bisa jd kulantaran Holle ngagunakeun asosiasi kana triguna. Nurutkeun sangkaan nu nulis mah pangira-ngira Holle kana angka candrasangkalana teh kungsi ditepikeun ka Pleyte, mlh bs jd dipatotoskeun.

Koreksi Pleyte

Secara langsung ngabahas Prasasti Gegerhanjuang mah heunteu Pleyte teh. Tp dn tulisanana ngeunaan angka taun Prasasti Batutulis (Bogor), kungsi nyabit-nyabit karya Holle. Pleyte tetela sapuk kana angka 1333 ti Holle, ngan unina ceunah kuduna mah, “bah (3) guna (3) apuy (3) dica (1).” Ari candrasangkala aturanana teh disebut ngkanam wamato gatih (angka dibaca ti katuhu ka kenca).

Dina buku pangeling-eling Hindia Walanda abad ka-20, aya deui tulisan Pleyte anu judulna “Archeology in west Java.” Di dinya Pleyte ngoreksi bacaan Hole “di yu-yu”, dina jajaran katilu. Sanajan heunteu ngajentrekeun, tp tetela Pleyte macana “disusuk” anu harita mah dianggap hartina teh ngadegkeun. Ceuk Pleyte, Prasasti Gegerhanjuang teh nyaritakeun diadegkeunana hiji pamujaan pikeun ngahormat batari. Teu disebutkeun Batari naon anu dipuja, tp bs jd Durga, anu arca leutikna tina batu kapanggih di daerah Cicalengka. Pleyte oge nyebutkeun yen eta prasasti dijeunna taun 1333 Saka (1411 Masehi).

Koreksi ti Nu Nulis  

Waktu nu nulis ieu bahasan naliti deui prasasti Gegerhanjuang, katara Holle teh rea salah maca. Jeung anehna aya tanda-tanda dina cacarakan anu saenyana dina aslina mah euweuh. Anu pasti bae Prasasti Gegerhanjuang teh henteu make tanda adeg-adeg, boh adeg-adeg pamuka boh panutup. Kabuktian Holle oge henteu nuliskeun adeg-adeg panutup dina salinannana. Anu ku Holle disangka adeg-adeg teh saeunyana aksara biasa. Bangunna aneh sabab adeg-adeg teh saeunyana aksara biasa. Bangunna aneh sabab dina conto-conto aksarana anu geus kadaftar mah euweuh aksara siga kitu. Jd kapaksa kudu dibandingkeunana teh kana aksara anu aya dina prasasti eta keneh. Anu pang memperna ngan aya dua, nyaeta aksara pasanganana dina aksara mimiti, jajaran kadua jeung jeung aksara katujuh jajaran katilu, nyaeta aksara ta (make titik di handap). Anu ngagebay rada ngarileu dina ieu aksara tetela panyakra. Jd aksara ta ku Holle disangka adeg-adeg, panyakrana kapaksa digeserkeun ka handap dijieun aksara mimiti jajaran kadua anu ku anjeunna dibaca dya disusul ku tanda tanya.

Aksara anu ku Holle dibaca bah saenyana kudu dibaca ba, sabab satukangeunana euweuh tanda wisarga (sora /h/ ). Aksara na (/n/-tititk handap) dina Prasasti Gegerhanjuang sabangun jeung aksara le. Aksara anu dibaca /o/ kuduna /i/, ari nu dibaca wwang saenyana sta (/s/-tititk handap). Hasil koreksi sakumna mah nurutkeun jajaranana jadi : 
1. traba i gunna apuy na- 
2. sta gomati sakakala nu mata- 
3. k disusu(k) ku batari hyang pun 
jadi ga bu ti kuduna gomati, ari di yu-yu kuduna disusu tp kudu dibaca disusuk, lantaran sora /k/ geus karangkep dina engan ku sapandeurieunana

Candrasangkala 

Lantaran dina jajaran kahiji aya kecap /i/ (dina) jeung dina jajaran kadua aya kecap sakakala (taun Saka) geus barang tangtu angka candrasangkalana teh aya di antarana. Ku lantaran kitu, uni candrasangkalana teh kudu gunna apuy nasta gomati. Gunna=3, apuy=3, nasta (ancur, musna)=0, gomati=1. Jadi Prasasti Gegerhanjuang teh dijieunna lain dina taun 1333 Saka ceuk pamanggih Holle jeung Pleyte, tapi taun 1033 Saka (1111 Masehi). Sakaterang nu nulis, teu aya mantram (doa) anu unina traba jeung teu aya kecap traba anu mandiri. Nilik kana ungkara kalimahna jeung eusina anu ngeunaan pananggalan, kecap traba teh kakara aya fungsina lamun mangrupa akronim tanggal nayaeta singgetan trayodasi badrapada=tanggal 13 bulan Badrapada.

Akronim kitu dina prasasti Cibadak oge aya pikeun kecap-kecap (ngaran-ngaran) poe: Hariang, Kaliwon, jeung Radite anu ditulisna ha-ka-ra. Tilu rupaanana di Bali mah dipake keneh. Jd dijieunna Prasasti Gegerhanjuang teh dina tanggal 13 Badrapada taun 1033 Saka. Diitung ku pananggalan kiwari mah piragrageunana teh sarua jeung tanggal 13 Safar taun 505 Hijriah atau tanggal 21 Agustus taun 1111 Masehi. Pananggalan dina Prasasti Sunda mah tara lengkep. Umumna ukur nyebut taunna wungkul. Di dieu ge katara nyebut tanggal teh heunteu dituduhkeun sukla atawa kresnapaksana. Kabiasaan urang Sunda ti baheula dina ngitung tanggal teh memang terusan cara dina pranatamangsa.
Tapsiran Eusina 

Kawilang henteu gampang, kudu napsiran eusi prasasti anu ngan tilu jajar bari satengahna dipake candrasangkala. Eusina teh singget pisan: “nu matak disusuk ku Batari Hyang”. Sanajan teu dijentrekeun jejerna, ari kangaraning disusuk mah tangtuna ge cinyusu atawa jalan cai. Parandene kitu, ari ngan saukur nyieun susukan biasa mah pamohalan make kudu dicatet dina batu anu sakitu teuasna, make tanggal, malah oge ku jelema anu gelarna Batari Hyang. Malah pamohalan batu tulisna diteundeun di kabuyutan.

Umumna di Tatar Sunda susukan kitu aya tumalina jeung ngocorkeun “cikahuripan”, cara Cihaliwung nu nunjang ngidul di Bogor, sungapanana teh disebut Cikahuripan. Nu di Bogor cenah disusunna teh ku Sang Susuktunggal alias Sang Haliwungan. Ari Susuktunggal teh ngistrenan Sri Baduga. Ngocorkeun Cikahuripan biasana dipake nandaan ngadegna raja anyar, boh anyar ngarana boh nuluykeun kalungguhan raja nu digantina.

Tokoh Batara dina sajarah Sunda mah lain tokoh leuleutikan. Biasana tokoh anu nyekel kalungguhan agama tp boga keneh hak waris karajaan. Ku lantaran kitu nyekel hak pikeun ngesahkeun kalungguhan raja malah bisa nangtukeun saha-sahana anu kudu dijenengkeun raja. Sempakwaja umpamana nyepeng kalungguhan batara Dangiang Guru jeung bisa nangtukeun saha-sahana nu bisa jadi raja di Galuh jeung Saunggalah. Di Kawali anu ngistrenan Wastu Kencana teh Bunisora anu kalungguhanana jadi Batara Guru di Jampang. Memeh Wastu Kancana sawawa mah malah Bunisora anu jadi Wali Raja.

Ku disebutna Batari Hyang dina Prasasti Gegerhanjuang, leuwih merenah deui lamun eusina mangrupa pangeling-eling ngistrenan raja. Ari unikna tetela di dieu mah disebutkeun Batari. Jadi pasti awewe. Lain kabiasaan urang Sunda (nu baheula) ngahormat-hormat awewe secara resmi, komo make jeung nyekel kalungguhan sakitu pentingna bari diumumkeun dina prasasti. Kaharti, mun tea mah Pleyte boga anggapan, yen Batari Hyang teh lain manusa, lantaran euweuh dina adatna (adat Sunda). Nya ceuk Pleyte mah maksadna teh Batari Durga.

Ingetan nu nulis, lebah dieu mah saeunyana leuwih hade ditapsirkeun secara wajar. Nu pibasaeun nyusuk mah tangtu jelema. Alhasil, Batari Hyang teh manusa biasa anu kalungguhanana moal bina ti Batara Dangiang Guru atawa Batara Guru di Jampang. Memang euweuh dina adat Sundana nempatkeun awewe dina kalungguhan sakitu luhurna. Dina lebah dieu sawangan sajarah teh ulah ngotok ngowo di lelewek Tatar Sunda wungkul. Didieu teu mustahil nyelip adat anu lain Sunda. Lamun prasasti anu dina sagala-galana heunteu nyunda, tapi ngajawa wetan aya jugrugna di Cibadak, leuwih gampang deui ayana prasasti anu nyunda tapi kaselapeun adat jawa.

Ayana adat ngahormat awewe hususna dina kalungguhan hak waris karajaan jeung kalungguhan agama nyaeta di Jawa Wetan. Prameswari raja geus biasa disebut Pr abu Istri atawa Batara Istri. Geus biasa aya istri jadi raja dibarengan ku carogena, malah biasa aya jenengan istri ditulis saheulaueun raja dina prasasti. Jadi dina Prasasti Gegerhanjuang teh nyelip adat Jawa Wetan. Tangtu aya tumalina jeung Prasasti Cibadak.


Bandingan jeung Sumber Sejen 

Dina bahasan Sri Jayabupati, yen Jayabupati alias Darmasiksa teh pupus di Pakuan, kinteun-kinteun dina taun 1108 Masehi. Nurutkeun Carita Parahiyangan nu gaganti Darmasiksa teh Sang Lumahing Taman (nu sumere di taman). Lantaran dikurebkeun di taman nu ayana di wewengkon Ciamis, bisa dipastikeun yen dayeuh karajaan teh sapupusna Darmasiksa dipindahkeun deui ti Pakuan. Kmn jeung Iraha? 
  
Dina koropak 406 disebutkeun, yen samemeh ngalih ka Pakuan, Darmasiksa ngistrenan heula Rajaputra di Saunggalah. Tangtu Rajaputra teh anu disebut Sang Lumahing Taman dina Carita Parahiyangan. Jadi ti Pakuan, pusat pamarentahan teh pindah deui ka Saunggalah dina taun 1111 Masehi. Darmasiksa pupus taun 1108. Aya geus tilu taun kawilang wajar, sabab Sang Lumahing Taman tangtu sawatara waktu mah kudu aya di Pakuan. Beberes sagala rupana kaasup milih nu pimarentaheun di dinya teh sarua jeung lilana Darmasiksa di Pakuan nyaeta 78 atawa 79 taun. Tangtu geus sepuh deui. Jadi rajana ge sabada Darmasiksa ngan genep taun (1111-1117 atawa 1108-1114). Apan Sri Baduga oge anu samemeh jd Susuhunan Padjadjaran geus jumeneng Ratu Pakuan 55 taun heunteu kersaeun linggih di Kawali. Jaba ti pertimbangan rupa-rupa hal teh tangtuna ge, ku alatan geus betah pisan. Jadi prasasti Gegerhanjuang teh bisa ditangtukeun mangrupa pangabdian diistrenannana putra Darmasiksa (Jayabupati) jd Susuhunan Padjadjaran di Saunggalah.

Saunggalah (imah panjang) saenyana ngaran karaton. Dina carita Parahiyangan sakapeung disebutkeun di Kuningan, sakapeung disebutkeun di Arile. Naha Kuningan eyeuna jeung Arile anu deukuet Gunung Batara Guru? Hal itu perlu ditalungtik deui. Tapi dina Karopak 406 disebutkeun watesna: Hanggat, Cipalebakan alas; ti kidul watesna: Gegergadung, Geger Handiwung, Pasir Taritih di muara Cipager Jampang. Ti Windu pepet heuleutna: Manglayang jeung Padabeunghar. Dina bagian sejen disebutkeun, yen Gegergadung jeung Pasir Taritih teh terusna ka hulu Cilala jeung di kulon na Cipatujah jeung Gunung Kendeng. Nilik kana lokasina jeung ngaran-ngaran tempat anu kuno saperti Batara, Candi, Balekambang, bisa jadi Saunggalah teh di tempat anu ayeuna disebat Saunggede (ayeuna mah pasawahan) anu kaasup Kecamatan Singaparna.

Saha ari Batari Hyang? 

Nu geus pasti anjeuna teh istri anu kukuh keneh nyekel adat karaton di Jawa Wetan. Lebah dieu kapaksa ngayakeun kompromi jeung adat Sunda. Cindekna, kuduna mah mun seug di Jawa Wetan bisa jadi raja, tapi nurutkeun adat di Sunda raja kudu bae lalaki (anu ulah aya cacad badaniah). Jadi nasibna sarua jeung Sempakwaja, sanajan cikal teu bisa jd raja, lantaran huntuna sempak (rohang, ompong). Ngeserna nya kana kalungguhan Batara, lantaran istri jadi Batari Hyang. Kulantaran kitu nu pangmerenahna mah batari Hyang teh raka istri Sang Lumahing Taman, putra cikal Darmasiksa.

Pamungkas  

Ku dikeureuyeuh dikotektak mah lumayan, prasasti anu tadina geus kateler-teler malah geus leungit tina panggung sajarah Sunda, bisa keneh dibeberes, dipernahkeun tempatna. Ku ayana ieu prasasti anu nyambung jaman Sri jayabupati di Cibadak, sajarah Sunda teh ulah ngan napak di Galuh deui, di Pakuan deui, cara dina babad jeung carita pantun. Anu puguh bae apan Saunggalah teh sajaman jeung Galuh, malah kungsi jadi puseur pamarentahan Padjadjaran. Bisa dipastikeun ayeuna mah, yen ngeserna puseur karajaan Kawali teh lain ti Pakuan tapi ti Saunggalah. Ti Kawali kakara ngeser deui ka Pakuan nepi ka runtagna.

---------


Referensi : 
  • Holle , K.F (1877). Beschreven Steen uit De Afdeeling Tasikmalaya Residentie Preanger , TBG XXIV.
  • Saleh Danasasmita, Drs. 2003, Nyucruk Sajarah Pakuan Pajajaran jeung Prabu Siliwangi. Bandung
  • Yoseph Iskandar, Drs. 1997. Sejarah Jawa Barat Yuganing Rajakawasa.
  • Saleh Danasasmita, Drs. 2006, Hubungan antara Sri Jayabupati dan Prasati Gegerhanjuang. Bandung
  
Tulisan dipostingkeun oge ka FB Group TASIKMALAYA TEMPO DEOLOE

Comments
0 Comments

No comments:

Post a Comment

Related Posts Plugin for WordPress, Blogger...